Ulangan: cerita tukang domba. #versi Sunda#
"Mang..!"
"Kulan, milari domba? Kanggo qurban atanapi
kanggo naon?"
"Muhun kanggo Qurban...'
"Tah, kanggo Qurban mah kedahna nu!
hideung..."
"Ari nu bodas kunaon kitu?"
"Pami nu bodas, sami kanggo Qurban kénéh..."
"Euuh... atuh sarua waé!"
"Muhun..."
"Sabarahaan ieu domba téh?"
"Nu mana? Nu hideung tanapi nu bodas ?"
"Nu hideung !"
"Nu hideung mah sajuta dua ratus rébu.."
"Mun nu bodas ?"
"Nu bodas gé sami, sajuta dua ratus rébu.."
"Owh, meunang ditawar teu ?"
"Nu mana? Nu hideung tanapi nu bodas ?"
"Nu hideung lah.."
"Nu hideung mah tos pangaos pas, teu tiasa
ditawis.."
"Mun nu bodas kumaha ?"
"Nu bodas gé sami, teu tiasa ditawis, tos harga
pas.."
"Euh, sarua baé atuh !"
"Muhun.."
"Ari ieu téh domba garut kabéhanana ?"
"Nu mana? Nu hideung mah muhun ti Garut.."
"Mun nu Bodas ?"
"Nu bodas mah... nya sami, ti Garut ogé.."
"Yeee kumaha ieu téh !"
"Kumaha naonana ?"
"Ari sarua sagalana mah naha bet dibéda-béda
atuh ?"
"Soalna pami nu bodas mah nu abdi"
"Oh kitu. Nu hideung nu saha atuh ?"
"Nu hideung gé sami nu abdi kénéh"
"Ah.. dasar tukang domba lieur"
"Heu heu.. punten atuh, da tukang dombana
mah nuju ngopi di warung.."
"Ari anjeun naon atuh ?"
"Abdi ?"
"Enya.."
"Abdi gé sami tukang domba..."
Di copy dari group tetangga
Tidak ada komentar:
Posting Komentar